Minggu, 05 Februari 2017

Awug

Posted by Ichi On 05.55 | No comments
Awug nyaéta kadaharan khas urang sunda anu dijieunna tina tipung béas, tipung kétangula beureum, kalapa parud jeung bentukna krucut. Baheulana mah dijieunna dina pas usum panén hungkul tapi kiwari mah tos henteu. Jalma anu di luar sunda ogé mikaresep kana dahareun ieu ku sabab ngeunah jeung rasana unik kadang mah sok dibawa pikeun oleh-oleh ti Bandung . Awug ogé bisa disebut tipung béas anu dilapis-lapis ku gula beureum daharna dibeulahan siga meulahan roti terus dipurulukan ku kalapa parud Adonan tipung béas anu diseupan bareung jeung gula beureum

Bahan-Bahan
250 gr tipung béas, 250 gr tipung béas kétan, 500 cc cai,uyah sacukupna,sasirah kalapa, diparud,250 gr gula beureum ,daun cau sacukupn

Cara Nyieunna
Campur tipung béas, tipung kétan, cai jeung uyah nepi ka rata, tuluy kalapa diparud. adonan dieusi ku 1/2 sendok gula beureum di tengahna terus bungkus ku daun cau seupan nepi ka asak terus angkat terus dipurulukan kalapa parud

0 komentar:

Posting Komentar

Blogroll

About