Suling - atawa mindeng oge disebut seruling teh kaasup kana alat musik nu dijieun ti awi. Suling teh aya dua macem, nu nada na 'do, re, mi, fa, sol' jeung nu ti sunda, nu nada na 'da, mi, na, ti, la, da'. Nah, di dieu abdi bade mere nyaho carana nyieun suling ti awi.
Alat jeung Bahan
Bahan :
Awi nu panjangna 30 cm jeung diameter na kurang leuwih 3 cm
Mengpetan (tiasa kai gabus) atawa ati tangkal nipah
Alat :
Peso anu seukeut
Awi leutik keur ngabersihan liang awi
Cara Nyieunna
Awi nu panjangna 30 cm dibagi dua ku hiji liang. Ti tengah, jieun liang ka arah katuhu nu diameterna 1/2 cm. Ti liang nu di tengah ka katuhu jarakna sa cingir atawa 1,5 cm. Jieun 6 liang nu jarakna sarua kabeh. Basa keur nyieun liang, kudu make peso anu seukeut pisan. Kira - kira, 10 cm ti liang anu tengah pisan, jieun liang deui ka arah kenca nu leuwih gede ti nu lain, kira - kira 1 cm keur niupna.
Di ujung kenca awi na, mengpetkeun kai gabus atawa ati tangkal nipah. Eta teh supados basa suling na di tiup teh angin na teu bocor ti liang kenca. Lamun liang - liang na kasar keneh, lemeskeun ku awi leutik supados liangna janten buleud lemes. Sorana bakal jadi alus.
Sakitu wae ti abdi. Moga - moga aya mangpaatna
*Daffa Manggala*





